Senin, 13 Juni 2016

contoh carpon pendek bahasa sunda



KUTIL SI UDIN
Karangan : Saida Husna Aziza

Si Udin teh budak nu kasohor pang gumasepna di kelasna teh, kelas 5 SD di Sukajadi. Dihiji waktu si Udin teu sadar boh dina pipina teh aya kutilan. “Din.. eta naon dina pipi maneh, ih.. ngajendol” ceuk Icih babaturan sakelasna. “Naon ai maneh? Teu ningali pipi urang sakieu mulusna? Ngomong we terpesona saking urang kasepna” tembal Udin. “Kumaha maneh we lah, urang mah geus ngabejaan” bales Icih.
Teu lila Bu guru datang, “Kumpulkeun PR na kapayun” ceuk bu guru. Pas si Udin ngumpulkeun PR na, ku bu guru ditanya “Udin eta dina pipi  maneh aya naonan? Kutil kitu, meni badag sagede sukro”. Si Udin teh reuwas atuh, terus dicagap pipina teh, enya we kutil ngajendol na pipi deuih. Diseungseurikeun we manehna ku sakelas.
Si Udin mulai depresi, manehna mikir. “Kumahanya carana urang ngaleungitkeun kutil ieu? “Duhh... mun kieu wae beungeut kasep urang bakalan lapur” ceuk si Udin ngagerenyem. Jol aya si Ajang ngabejaan, “Din... maneh hayang ngaleungitkeun kutil? Hayang jadi kasep deui? Babari!. Si Udin, “Kumaha carana?” Si Ajang, “ieuh mikir we atuh maneh teh, maneh boga kuota kan? Jug teangan di internet. Sagala oge aya di mbah google atawan di nyai yahoo mun henteu oge di babeh wikipedia.” Si Udin “Ohahaha.. pinter oge maneh nya”. Si Ajang “Whuahahaha urang tea atuh euy”.
Tidinya si Udin langsung neangan cara ngaleungitkeun kutil di internet. “ok google, cara ngaleungitkeun kutil” ceuk si Udin. “Kutil nu kumaha heula?” tanya si google. “Kutil nu biasalah, nu kumaha deui atuh” ceuk si Udin. “Kutil na dimana?” tanya google. “na pipi urang” ceuk si Udin. “Kutilna sagede kumaha?” tanya google. “Deuleuh eta loba nanya pisannya” ceuk si Udin. “Nyaeunggeus weh moal dipangneangankeun kumaha cara ngaleungitkeun kutil maneh” ceuk google. “eh... ulah kitu atuh, da bageur” ceuk Udin. “Hapunten, internet error. Cobaan deui mun google geus teu pundung” ceuk internet. “Saumur hirup asa karek manggihan da google pundung” ceuk si Udin.
Si Udin teh ngalamun weh disisi warung bari ngadaharan bala-bala. “Din, maneh kunaon ngalamun wae?” ceuk si Icih bari nepak tonggong si Udin. “Ieu cih, mbah google pundung ka urang” tembal si Udin. “Din, naha kutil maneh oyag-oyagan? Tanya si Icih deui. “Naha enya kitu?” ceuk Udin. Dicagap weh pipina, “euh... atuh ieu mah lain kutil, ieu mah korong garing” ceuk si Udin. “iihh... meni geuleuh” ceuk si Icih bari ngirung. “hahaha untung weh ieu korong lain kutil, mun kutil beungeut urang nu kasep teh lapur we atuh, hahaha” ceuk si Udin bungah. Tidinya, si Udin cageur deui. Manehna malah jadi beuki gumasep da apal, boh beungeutna masih keneh mulus bebas tinu ngarana kutil.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar