KUTIL
SI UDIN
Karangan : Saida Husna Aziza
Si Udin teh budak nu
kasohor pang gumasepna di kelasna teh, kelas 5 SD di Sukajadi. Dihiji waktu si
Udin teu sadar boh dina pipina teh aya kutilan. “Din.. eta naon dina pipi
maneh, ih.. ngajendol” ceuk Icih babaturan sakelasna. “Naon ai maneh? Teu
ningali pipi urang sakieu mulusna? Ngomong we terpesona saking urang kasepna”
tembal Udin. “Kumaha maneh we lah, urang mah geus ngabejaan” bales Icih.
Teu lila Bu guru
datang, “Kumpulkeun PR na kapayun” ceuk bu guru. Pas si Udin ngumpulkeun PR na,
ku bu guru ditanya “Udin eta dina pipi
maneh aya naonan? Kutil kitu, meni badag sagede sukro”. Si Udin teh
reuwas atuh, terus dicagap pipina teh, enya we kutil ngajendol na pipi deuih.
Diseungseurikeun we manehna ku sakelas.
Si Udin mulai depresi,
manehna mikir. “Kumahanya carana urang ngaleungitkeun kutil ieu? “Duhh... mun
kieu wae beungeut kasep urang bakalan lapur” ceuk si Udin ngagerenyem. Jol aya
si Ajang ngabejaan, “Din... maneh hayang ngaleungitkeun kutil? Hayang jadi
kasep deui? Babari!. Si Udin, “Kumaha carana?” Si Ajang, “ieuh mikir we atuh
maneh teh, maneh boga kuota kan? Jug teangan di internet. Sagala oge aya di
mbah google atawan di nyai yahoo mun henteu oge di babeh wikipedia.” Si Udin
“Ohahaha.. pinter oge maneh nya”. Si Ajang “Whuahahaha urang tea atuh euy”.
Tidinya si Udin
langsung neangan cara ngaleungitkeun kutil di internet. “ok google, cara ngaleungitkeun kutil” ceuk si Udin. “Kutil nu
kumaha heula?” tanya si google. “Kutil nu biasalah, nu kumaha deui atuh” ceuk
si Udin. “Kutil na dimana?” tanya google. “na pipi urang” ceuk si Udin.
“Kutilna sagede kumaha?” tanya google. “Deuleuh eta loba nanya pisannya” ceuk
si Udin. “Nyaeunggeus weh moal dipangneangankeun kumaha cara ngaleungitkeun
kutil maneh” ceuk google. “eh... ulah kitu atuh, da bageur” ceuk Udin. “Hapunten,
internet error. Cobaan deui mun google geus teu pundung” ceuk internet. “Saumur
hirup asa karek manggihan da google pundung” ceuk si Udin.
Si Udin teh ngalamun
weh disisi warung bari ngadaharan bala-bala. “Din, maneh kunaon ngalamun wae?”
ceuk si Icih bari nepak tonggong si Udin. “Ieu cih, mbah google pundung ka
urang” tembal si Udin. “Din, naha kutil maneh oyag-oyagan? Tanya si Icih deui.
“Naha enya kitu?” ceuk Udin. Dicagap weh pipina, “euh... atuh ieu mah lain
kutil, ieu mah korong garing” ceuk si Udin. “iihh... meni geuleuh” ceuk si Icih
bari ngirung. “hahaha untung weh ieu korong lain kutil, mun kutil beungeut
urang nu kasep teh lapur we atuh, hahaha” ceuk si Udin bungah. Tidinya, si Udin
cageur deui. Manehna malah jadi beuki gumasep da apal, boh beungeutna masih
keneh mulus bebas tinu ngarana kutil.